Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh Biantara Bahasa Sunda Proklamasi

Contoh Biantara Bahasa Sunda Proklamasi


Bismillaahirrohmanirrohiim,

Assalaamu’alaikum wr.wb.

Alhamdulillaahirrobbil’aalamiin, wabihi nastainu ala umuriddun ya waddin, wassolaatuwassalaamu ala asyrofil ambiyaa’I walmursaliin wa’alaa aalihiiwasohbihii ajma’iin, ammaaba’du.

Langkung tipayun mangga,  urang sami-sami panjatkkeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT, rehna dina dinten ieu urang tiasa keneh riung mungpulung kanggo mieling  proklamasi  kamerdekaan.

 Teu hilap solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun  ka jungjungan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad saw, ka kulawargana ka sahabatna katut muslimin sareng muslimat kalebet urang sadaya.

Bapa kepala desa anu ku sim kuring dipihormat, ibu-ibu sareng bapa-bapa rengrengan jajaran perangkat desa anu sami-sami ku sim kuring dipihormat. Sareng sadaya warga desa anu ku sim kuring dipihormat.

Hadirin sadayana, Indonesia tos merdeka salami 71 taun.  Indonesia merdeka sacara defacto ti kaping 17 Agustus 1945. Saparantosna dijajah ku Walanda kirang langkung 350 taun sareng ku bangsa Jepang salami 3,5 taun.

Kapungkur  Insinyur Soekarno ngaoskeun proklamasi dipayunen sadayana jalmi, sadaya rahayat Indonesia ngaraoskeun merdeka anu saleres-leresna. Rahayat sadayana surak galumbira dimana-mana, kumargi ngaraoskeun hasil perjuangan anu tos sakitu lamina.

Nanging hanjakal,  ayeuna mah seueur jalmi anu teu acan ngaraoskeun kamerdekaan, anu saleresna, sakedahna merdeka teh sanes mung statusna wungkul tapi kedah disarengan ku kasajahtraan rahayatna. Sajabi ti eta seueur oge jalmi anu teu ngahargaan jasa para pahlawan ku cara ngareksak lemah cai urang ieu.

Kumargi kitu, hayu ayeuna mah urang sasarengan mieling  kamerdekaan  ku cara   getol diajar sareng ngajaga lemah cai nu endah ieu,, ku margi ku jalan  getol diajar urang bakal tiasa ngamajukeun, kasajahtraan rahayat Indonesia ieu.

Hayu ti kawit ayeuna urang tingkatkeun sumanget diajar urang kalawan sumanget 45, supados urang tiasa ngaraoskeun kamerdekaan anu salaeres-leresna anu disarengan ku kasajatraan rakyatna..

Salila milu ka dinya
teangan parab japati
salila hirup di dunya
teangan elmu pangarti

Sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring, mugia aya mangfa’atna. Sareng urang sadayana tiasa nambihan  getol diajar kanggo ngesian ieu kamerdekaan. Supadaos janten pahlawan bangsa.

Wabilahi taufiq walhidayah

Wassalaamu’alaikum wr.wb.

Post a Comment for "Contoh Biantara Bahasa Sunda Proklamasi"