Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh Auto Biografi Dalam Bahasa Sunda

Contoh Auto Biografi Dalam Bahasa Sunda

Assalammualaikum wr wb
Hmmm sorry nih udah lama gak post, tapi thanks buat para pembaca setia Blog IF, maafkan admin yang lagi banyak tugas, eits tapi tenang aja, semua tugasnya insyaallah secepatnya di upload kok. Ok langsung aja nih kali ini ada tugas buat bikin auto biografi dalam bahasa sunda.



Tepangkeun wasta abdi Imam Firdaus putra ka hiji ti Bapa Nurkhamdani sareng Ibu Ida Setiawati. Abdi dibabarkeun kaping 6 Februari di Sumedang  taun 2001. Kalahiran abdi mangrupakeun kalahiran anu diantos-antosna kusabab teteh abdi paranos mayunan abdi sababara taun kapengker. Alhamdulillah abdi teh lahir sacara normal.
Di TK BPP Anggrek abdi ngawitan sakola, abdi sakola diTK mung sataun, Alhamdulillah sababaraha prestasi kacetak di eta taun. Malahan sateuacan abdi lebet sakola, abdi tos ngiring sababaraha perlombaan dugi ka tiasa ngabungahkeun sepuh.
SDN Mekabakti nyaeta SD Abdi, Abdi lebet ka SD umur 6 taun. Hampir sami pas di TK. Alhamdulillah sababaraha prestasi loba kacetak deui. Sadaya usaha teu bohong kanu hasil, loba pisan pangalaman nu bisa di caritakeun basa SD. Tangtu loba pangalaman anu pait, tapi loba oge pangalaman anu amis.
Pangalaman abdi teu dugi kadieu hugkul, SMPN 1 Tanjungsari janten tempat dimana abdi diajar salami 3 taun. Didieu saingan mulai loba, prestasi teu saloba basa SD, tapi tangtu pangalaman leuwih loba didieu. Hiji pangalaman anu ku abdi pasti di kenang, Alhamdulillah abdi pernah sakali janten juara umum.
Di SMP abdi ngiringan eskul PMR sareng Karisma. Tapi abdi teu aktif, kaaktifan abdi kahalangan ku kondisi awak abdi. Tapi sanaos abdi remen teu damang, mung sakali abdi teu masuk SMP salami 3 taun eta kumargi tabrakan.
Lebet ka SMA kalawan babari. Salah sahiji hal anu ku abdi oge pasti dikenang, alhamdulillah abdi teu kedah cape cape neangan cara lebet ka SMA. SMAN Tanjungsari, SMA dimana abdi ayeuna sakola, sakola dimana pasti loba pangalaman nu bakal kacandak. Pangalaman anu bakal jadi conto kanggo kapayunna. Abdi di SMA ngiringan eskul Lanterha sareng Rohis nu insyaallah bakalan aktif.
Sanaos abdi kirang aktif, tapi abdi oge ngiringan sababaraha komunitas nu tangtu aya manfaatna kanggo abdi, nu kahiji aja BMC (Bis Mania Community) teras aya AXS (Avanza Xenia Solutions) sareng BLOGGER INDONESIA. Sadaya komuniatas nu ku abdi diiringan, tangtu lobamanfaatna.
Abdi resep pisan maca, asa kumaha upami dina sadinten teu acan maca buku. Komo deuih upami kana Alquran, insyallah dina sataun minimal khatam 2 kali. Salian ti maca, abdi resep pisan kana dunia Teknologi Informasi Komunikasi sareng dunia otomotif. Tong ditaros deui kumaha pabalatakna kamar anu resep kanu kieumah.Tapi sanaos pabalatak, abdi pasti meresan bumi abdi unggal dinten, jadi kabersihan tetep kajagi.
            Mulai SD abdi tos mulai lombadi bidang TIK teras, sababra prestasi tos karaih. Eta nu ngajadikeun abdi resep pisan kana Teknologi Informasi Komunikasi. Alhamdulillah tina hobi abdi, abdi tos tiasa sakedikmah ngahasilkeun artos. Abdi ngamanfaatkeun hobi abdi kanggo ngeblog. Tina Hobi janten artos.
            Target abdi 3 taun kaharep lain jadi blogger hungkul, abdi hayong neraskeun sakola jurusan ekonomi akutansi kanggo engkena hayong ngalajengkeun bapa abdi di dambel di LAPAN atanapi teras ka dunia perpajakan. Salian ti eta, abdi ngagaduhan mimpi gaduh 1 perusahaan otobus, abdi hayong pisan janten pengusaha otobus muda. Kumargi target abdi, salian ti nyetak aros, abdi ge kedah nyetak lapangan pekerjaan.


Imam Firdaus X.6

Post a Comment for "Contoh Auto Biografi Dalam Bahasa Sunda"